Dengan Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Atas Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Senin, 15 Februari 2010

Sajarah Damas ( Daya Mahasiswa Sunda )

“ Hai Manusa!, Kaula nyiptakeun aranjeun ti hiji lalaki jeung awewe. Jeung kaula jadikeun aranjeun dina sababaraha bangsa-bangsa jeung seke seler- seke seler sangkan aranjeun jadi warawuh. Nu pangmuliana di sisi Alloh nyeta anu leuwih taraqwa. Saenyana Alloh Maha Uninga jeung Latip. (Q: Surat Al-Hujarat ayat 13 )


SAJARAH SINGGET PAGUYUBAN DAYA MAHASISWA SUNDA.
Sajarah singket paguyuban daya mahasiswa sunda dibagi dina 3 (tilu) mangsa/periode :
1. Mangsa samemeh ngadeg taun 1956
2. Mangsa ngadegna Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) taun 1956
3. Mangsa sanggeusna ngadeg 1956 kadieukeun )

Mangsa samemeh ngadeg taun 1956
Aya sababaraha kajadian anu kaalaman ku masarakat Sunda di lemburna sorangan ( Jawa Barat ), nyaeta :
Dibubarkeunana Nagara Pasundan
• Harita pamuda Sunda nu mibanda rasa tanggung jawab kana beungkeutan nagara kesatuan, misadar yen Nagara Pasundan teh jijieunan penjajah keur ngadu domba. Kukituna para pamuda Sunda harita maraju mingpin usaha ngabubarkeun Nagara Pasundan.
• Sanggeusna hasil ngabubarkeun Nagara Pasundan, tuduhan jeung fitnah terus keneh ditujukeun kana unggal kagiatan/gerakan di tatar Sunda ( Jawa Barat ), pajarkeun rek ngadegkeun deui nu sarupa jeung Nagara Pasundan.
Pating pucunghul kagiatan-kagiatan kadaerahan, hususna nu mangrupa beungkeutan, diantarana wae :
• Samemeh taun 1950, aya beungkeutan kasundaan nu diaranan “Daya Sunda”, anggotana para sesepuh (inohong).
• Sanggeus taun 1950, di Jakarta ngadeg beungkeutan anu anggotana para mahasiswa Sunda, saperti Daya Nonoman Sunda, Nonoman Maung ( Pemuda Siliwangi )
• Di Bogor ngadeg beungkeutan kasundaan “Putra Sunda” anu sipatna umum (anggotana umum).
• Di Bandung ngadeg beungkeutan kasundaan saperti Paguyuban Pasundan (leuwih tiheula ngadegna), Mitra Sunda (anggotana rereana mantan Pejoang), Nonoman Sunda (anggotana rereana pagawe negri / karyawan).
Tokoh-tokoh anu gede andilna dina ngadegkeun jeung mekarkeun beungkeutan kasundaan, diantarana :
• Kang Adeng, mahasiswa Akademi Hukum Militer di Jakarta ti Paguyuban Daya Nonoman Sunda Jakarta.
• kang Adjam Samsupradja, keur Nonoman Sunda di Bandung.
Dina raraga ngawujudkeun aspirasi ti beungkeutan-beungkeutan kasundaan (kaasup Nonoman jeung Mahasiswa), nya diayakeun Kongres nu saterusna diwangun Badan Musyawarah Pemuda Sunda (BMPS) anu sipatna umum hnu ngarupakeun wadah ngagabungna sababaraha organisasi pamuda. Sedengkeunnu sipatna husus na widang politik diwangun Front Pemuda Sunda (FPS).
Puncak tina kagiatan-kagiatan pemuda Sunda kasebut dimimitian ku sumebarna pamflet-pamflet nu dikaluarkeun ku FPS (Front Pemuda Sunda )-ditawis ku kang Adeng jeung Kang Adjam Samsupradja. Eusi Pamflet ngebrehkeun kateupanujuan ka pangawasa harita (Presiden RI) kana kawijakanana henteu ngalarang Partai komunis Indonesia (PKI), sarta ka Partai Nasional Indonesia (PNI) harita salaku Partai panggedena nu nembongkeun sikep ngamusuhan ka masarakat Sunda.
Lajuning laku tina kagiatan/gerakan kasebut nya diayakeun Kongres Pamuda Sunda dina ping 5-7 Nopember 1957 di Bandung, tidinya ngadeg Dewan Komando Pemuda Sunda (DKPS) - Pupuhuna kang Ir.Sadikin jeung kang Adjam Samsupradja. DKPS ieu ngailhaman para pamuda ti sekeseler sejen diluar Jawa. Di Sumatera Barat ngadeg Dewan Banteng, Sumatera utara – Dewan Gajah, Minahasa-Permesta.
Ayana pasualan antara Pamarentah Pusat jeung Daerah, ngahudang pamarentah ngayakeun Musyawarah Nasional anu di pingpin ku Bung Hatta ( Wakil Presiden RI harita).
Mangsa Ngadegna Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS)
• Ayana usulan jeung dorongan ti ir.Otong Kosasih yen perluna diadegkeun hiji organisasi anu mawa misi intelektual Sunda dina ngeusi otonomi daerah nu salega-legana.
• Dibarung ku kaprihatinan sarta misadar aya ka teu adilan dina kasempetan ngalap pangaweruh di paguron luhur di lembur sorangan, kabuktian ku susahna rek asup ka Fakultas Tehnik (kiwari ITB), IKIP (kiwari UPI) Bandung, anu lolobana mahasiswa ti daerah sejen.
• Ayana gerakan mahasiswa di Fakultas Tehnik (ITB) nu ngiket diri dina organisasi nu diaranan Corps Mahasiswa Bandung (CMB), anu ngarupakeun iketan mahasiswa manten pejoang ti Jawa Tengah jeung Jawa Timur nu meunang rojongan sagemblengna ti para pagawe negri/swasta anu saterusna ngarobah ngaran jadi CGMI ( anu saterusna kasebutnakeun organisasi kader PKI).
Dumasar kana hal kasebut sababaraha urang mahasiswa anu diluluguan ku kang Hasan Wargakusumah dina ping 11 April 1956 ngayakeun gempungan anu tujuanana mireungeuh naha perlu henteuna aya wadah nu ngabeungkeut para mahasiswa Sunda di Jawa Barat. Saterusna dina ping 28 April 1956 diwangun panitia ‘Panggeuing Mahasiswa Sunda” kalayan tugas ngaluarkeun angket nu diaranan “Panggeuing”. Eusi angket kasebut nyaeta piliheun perlu henteuna diwangun organisasi mahasiswa Sunda. Kurang leuwih 50 lambar angket nu balik deui eusina nyaluyuan perluna diwangun wadah organisasi mahasiswa Sunda, dukungan daratang oge ti organisasi-organisasi kasundaan hartia kayaning Nonoman Sunda, mitra Sunda jrrd. Dina ping 28 September 1956 Panitia “Panggeuing” ngabentuk Panitia Ad-Hoc kalawan pancen nyusun Ugeran Dasar jeung Ugeran Rumah Tangga.
Dina ping 14 Oktober 1956 diayakeun Gempungan di SMP Pasundan jl.Balong Gede Bandung, anu ngahasilkeun ngadegna/lahirna paguyuban nu diaranan DAYA MAHASISWA SUNDA disingget “DAMAS”, ngaran ieu disarankeun ku kang Hidayat Wiradikarta anu oge nyiptakeun lambang/logo DAMAS, anu saterusna kang Hidayat Wiradikarta diangkat salaku Sesepuh Umum Senat munggaran. Kang Hidayat Wiradikarta oge anu nyiptakeun logo/lambang Universitas Padjadjaran. Suluk/Motto DAMAS ditangtukeun nyaeta “ELMU LUHUNG KASAKTI DIRI “

Mangsa Periode Sabada Ngadegna DAMAS ( taun 1956 kadieunakeun )
a) Mangsa munggaran sabada ngadeg DAMAS.
Dina mangsa ngadegna DAMAS ieu mucunghul reaksi-reaksi kateupanujuan, utamana ti CGMI/ CMB nu di ITB, nepi ka kajadian “perang poster”. Saterusna minangka wujud tina kahayang masarakat Sunda enggoning ngamajukeun daerahna, nya diadegkeun Universitas Padjadjaran anu Rektor munggaran Mr.Iwa Koesoemasoemantri ti Badan musyawarah Sunda (BMS) kalayan tujuan mere kasempetan ka putera daerah tolabul ilmi di paguron luhur.
b) Sabada Dekrit Presiden nepi ka G-30-S PKI.
Aweuhan situasi politik harita anu harengheng, ngahengker kahirupan organisasi kadaerahan (kaasup organisasi kasundaan), anu masih bisa keneh hirup wayahna kudu nurut kana kahayang pangawasa harita, diantarana DAMAS oge kudu ngarobah Ugeran Dasar + Ugeran Rumah Tanggana kalayan ngasupkeun Manipol-Usdek, sarta rengkak kagiatan teu leuwih ti widang kasenian wungkul. Sok sanajan kitu usaha-usaha pikeun ngabubarkeun DAMAS masih keneh wae dilakukeun ku jalan fitnah sangkaan propinsialis,manikebu,kesukuan, separatis.
c) Mangsa G-30-S PKI.
Sabada bituna G-30-S PKI, sarta sajalan jeung kawijakan Kodam VI Siliwangi harita (ayeuna Kodam III), DAMAS salaku organisasi mahasiswa nembongkeun deui adeg-adegna dina sikep politik yen sok sanajan lain organisasi politik tapi teu ngandung harti rek ngantep ayana aliran atawa kawijaksanaan politik anu ngarugikeun masarakat Sunda hususna, rahayat Indonesia umumna (Ugeran Dasar Ps 2 a 3), kalawan tegas nentang jeung ngutuk kana Gerakan 30 September PKI, realisasina ku ngancurkeun gedong CGMI&Surat Kabar Warta Bandung. Di Bandung para mahasiswa anu ngagabung kana Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonesia (KAMI) kaasup dijerona DAMAS jadi lulugu dina nungtut Tritura ( Tri Tuntutan Rakyat) nyaeta Dibubarkeunana PKI, Turunkeun harga-Harga jeung Dibersihkeunana kabinet ti unsur-unsur PKI. Ancrubna mahasiswa boh anu ngaliwatan organisasi Ekstra Universitas atawa mahasiswa kampus sarta didukung ku kesatuan-kesatuan aksi lianna mawa pangaruh anu kacida gedena keur ra’yat Indonesia, anu tug nepi ka ayeuna sora mahasiswa jadi fasilitator jeung panyambung letah nurani ra’yat dina nepikeun kateupanujuan ka pamarentah/pangawasa. Citra nu hade ti organisasi ekstra mahasiswa harita (kaasup DAMAS) mangaruhan ku reana mahasiswa arasup jadi anggota organisasi-organisasi ekstra – kaasup jaradi anggota DAMAS ku jalan ngalakonan mangsa Mimitran dina waktu nu geus ditangtukeun.
Dina mekarkeun organisasina DAMAS muka komisariat-komisariat di unggal Paguron Luhur (saperti di UNPAD, ITB ), sarta mimiti muka cabang di Tasikmalaya (DAMAS Tasikmalaya). Anu saterusna muka cabang di Garut, Jakarta, Bogor jeung Cirebon. Anu jadi dasar muka cabang kasebut nyaeta saupama di wilayah daerahna aya paguron luhur sarta aya pamenta ti mahasiswa daerahna. Nepi ka ayeuna geus ngadeg 17 cabang DAMAS di Jawa Barat & DKI Jakarta, kalayan Pangurus Puseur di Bandung. Sarta luyu jeung Ugeran Dasar yen DAMAS narima anggota kudu ngalakonan Mangsa Mimitran.
d) Mangsa Reformasi.
Di jaman reformasi, Otonomi Daerah jadi ‘primadona’, penting sarta jadi tangtangan masarakat di daerahna. Kukituna mahasiswa hususna anu aya di daerah ditungtut pikeun ngeusi jeung ngamangpaatkeun kasempetan anu alus ieu. Disebut kasempetan alus, ku sabab kasempetan pikeun bisa “mengaktualisasikan dirina” dina sumbangsih boh pamikiran, gagasan nepi ka aplikasina di lapangan anu tangtuna tujuanana nga-adil ma’murkeun daerahna jeung masarakatna. DAMAS dina hal ieu salaku organisasi kamasarakatan jeung kamahasiswaan nu boga label ‘intelektual” di daerahna, tangtu geus sawajibna milu ancrub jadi lulugu paheuyeuk leungeun jeung komponen masarakat lianna ngawangun daerahna. Di sejen pihak DAMAS oge kudu mampu umajak ka komponen mahasiswa nu aya di paguron-paguron luhur di daerahna sangkan asup ka lingkungan keluarga DAMAS, ku sabab beuki euyeubna potensi di jero DAMAS bisa leuwih optimalna kakuatan sumbangsih DAMAS ka masarakat jeung daerah hususna sarta sumbangsih DAMAS ka lemah cai Indonesia umumna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar