TUJUH WELAS PUPUH
PANGJANGKEP PANGAJARAN TATAKRAMA PIKEUN DI
S.D / S.M.P / S.M.U
Rumpaka :
Drs. R. H. Hidayat Suryalaga
WATEK PUPUH:
l. ASMARANDANA, ngagambarkeun rasa
kadeudeuh, asih, nyaah.
2. BALAKBAK, ngagambarkeun heureuy
atawa banyol tapi bari sopan.
3. DANGDANGGULA, ngagambarkeun
katengtreman, kawaasan, kaagungan,
jeung kagumbiraan.
4. DURMA, ngagambarkeun jelema anu
gede hate, atawa sumanget, atawa rasa
ambek hayang ngalawan kana kateuadilan.
5. GAMBUH, ngagambarkeun rasa milu
sedih, kasusah, atawa kanyeri.
6. GURISA, ngagambarkeun jelema nu
ngalamun atawa malaweung.
7. JURU DEMUNG, ngagambarkeun nu
bingung, susah ku pilakueun
jeung rumasa kana kasalahan sorangan.
8. KINANTI, ngagambarkeun nu keur kesel
nungguan, deudeupeun, rasa kanyaah.
9. LADRANG, ngagambarkeun nu resep
banyol bari nyindiran.
10. LAMBANG, ngagambarkeun nu resep
banyol tapi aya pikiraneunana.
11. MAGATRU, ngagambarkeun nu sedih,
handeueul ku polah sorangan, mapatahan.
12. MASKUMAMBANG, ngagambarkeun
kanalangsaan, sedih bari ngenes hate.
13. MIJIL, ngagambarkeun katumarimaan
atawa kasedih tapi bari gede harepan.
14. PANGKUR, ngagambarkeun rasa ambek
nu kapegung, nyanghareupan tugas nu
beurat tapi dibarengan ku gede hate.
15. PUCUNG, ngagambarkeun rasa ambek
ka diri sorangan, atawa keuheul
kulantaran teu panuju hate.
16. WIRANGRONG, ngagambarkeun nu
kawiwirangan, era ku polah sorangan.
17. SINOM, ngagambarkeun kagumbiraan,
kadeudeuh, sumanget.
RUMPAKA
l. PUPUH ASMARANDANA
PIWURUK SEPUH
Ngariung di tengah bumi,
pun biang sareng pun bapa,
jisim abdi diuk mando,
husu ngupingkeun pituah,
piwejang ti anjeunna,
pituduh laku rahayu,
piwejang sangkan waluya.
2. PUPUH BALAKBAK
DAYEUH BANDUNG
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame -
araheng,
gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna
- alagreng,
tutumpakan-tutumpakan balawiri lalar liwat
- garandeng.
3. PUPUH DANGDANGGULA
MILANG KALA
Dinten ieu estu bingah ati,
ku jalaran panceg milang kala,
kenging kurnia ti Alloh,
rehing nambihan umur,
tepung taun umur sim abdi,
henteu weleh neneda,
ka Gusti Nu Agung,
malar umur teh mangpa’at,
tebih bahla turta pinarinan rijki,
sumujud ka Pangeran.
4. PUPUH DURMA
LEMAH CAI
Nagri urang katelah Indonesia,
diriksa tur dijaring,
sumirat komarana,
berkahna Pancasila,
ageman eusining nagri.
yu sauyunan,
ngawangun lemah cai.
2
5. PUPUH GAMBUH
KADUHUNG
Kaduhung sagede gunung,
kuring sakola teu jucung,
lalawora resep ulin,
hanjakal tara ti heula,
ayeuna kari peurihna.
6. PUPUH GURISA
SI KABAYAN
Si Kabayan lalamunan,
pangrasa bisa nyetiran,
motor atawana sedan,
poho keur eundeuk-eundeukan,
'na dahan emplad-empladan,
gujubar kana susukan.
7. PUPUH JURU DEMUNG
ADIGUNG
Lolobana mungguh jalma,
embung hina hayang agung,
- (embung hina hayang agung)-
hayang hirup mukti,
- (hayang hirup) -
- (hayang hirup mukti) -
tapina embung tarekah,
tinangtu 'mo bakal nanjung.
8. PUPUH KINANTI
KANYAAH INDUNG
Kanyaah indung 'mo suwung,
lir jaladri tanpa tepi,
lir gunung tanpa tutugan,
asihna teuing ku wening,
putra teh didama-dama,
dianggo pupunden ati.
9. PUPUH LAMBANG
WAWANGSALAN
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna.
10. PUPUH LADRANG
MOKAHAAN
Aya hiji anak bangkong leutik,
mokahaan,
maksudna ngelehkeun sapi,
nahan napas antukna bitu beuteungna.
11. PUPUH MAGATRU
KASAR- LEMES
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
pipi mah disebat damis,
upami buuk mah rambut,
ceuli sok disebat cepil,
kasarna angkeut mah gado.
12. PUPUH MASKUMAMBANG
BUDAK JAIL
Anak manuk dikatepel budak harak,
(ralat: harak = jail)
jangjangna getihan,
rek hiber teu bisa usik,
duh manusa kaniaya.
13. PUPUH MIJIL
NUNGTUT ELMU
Sanajan cicing di tepiswiring,
kade ulah bodo,
kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu.
14. PUPUH PANGKUR
KA SAKOLA
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti.
15. PUPUH PUCUNG
TATAKRAMA
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal.
16. PUPUH WIRANGRONG
SIEUN DORAKA
Kuring moal deui-deui,
gaduh panata nu awon,
ngabantah nu jadi indung,
sieun dibendon ku Gusti,
kawas Dalem Boncel tea,
doraka ti ibu-rama.
17. PUPUH SINOM
TATAR SUNDA
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budaya,
padumukna luhung budi,
insya-Alloh Tatar Sunda karta harja.
KANDAGA KECAP
TINA RUMPAKA 17 PUPUH
A
ageman = B.I:yang dianut
alagreng = B.I: bangunan yang indah dan besar
angkeut = gado; B.I:dagu
antukna = balukarna, akibatna
araheng = B.I: mengagumkan
awit jadi = asal gumelar, asal jadi
B
bahla = balai, mara bahaya
balawiri = lalar liwat; B.I:lalu-lalang
banyol = heureuy; B.I:guyon
D
Dalem Boncel = (Tokoh cerita seorang bupati
yang durhaka kepada orangtuanya seperti Malin Kundang)
deudeupeun = leungiteun kehilangan
dibendon < dibenduan = B.I:dikutuk
didama-adama = dipikanyaah; B.I:disayangi
dijaring = dijaga
diriksa = diraksa, dipiara, diurus dan dijaga
diuk mando = B.I:duduk bersimpuh
E
emplad-empladan = B.I:berayun-ayun
G
gujubar = B.I: kata penegas terlempar
ke dalam air
H
handeueul = hanjakal; B.I:menyesal
henteu weleh = B.I :tidak hentinya
hurip = hirupna bagja; B.I sejahtera
J
jail = harak; B.I:jahil
jalaran = karena; B.I:disebabkan
jucung = tamat, anggeus; B.I:selesai
5
K
kaduhung = handeueul, hanjakal; B.I:penyesalan
kapegung = kahalangan; B.I.terpendam
kapitineung = kapieling; B.I: selalu teringat
karta harja = B.I:subur makmur
katut = jeung, dan
kawiwirangan = B.I:mendapat malu
keuyeup gede = kapiting, rajungan, kepiting
L
laku rahayu = B.I:perilaku baik
lalawora = asal-asalan; B.I:semaunya
lir = saperti, siga, kawas, seperti
luhung budi = B.I:berbudi tinggi
M
malar = ngarah, ambeh supaya, agar
malaweung = teu husu; B.I: melamun
miang = indit; berangkat, pergi
milang kala = tepung taun; B.I:ulang tahun
mo < hamo = henteu; B.
I:tidak akan
mokahaan = teu mikir; B.I:tanpa dipikir.
mulus = salamet, rahayu; selamat sejahtera
mungguh = ari; B.I:adapun
N
nanjung = B.I:hidup bahagia
neneda = nunuhun; B.I:meminta, memohon
ngenes hate = B.I:perasaan pedih
P
padumukna = cacah jiwana; B.I:penduduknya
panata = tingkah laku, perilaku
panceg = B.I:tepat
pangjangkep = panglengkep; B.I:pelengkap
panuju = luyu; B.I: setuju
pigeusaneun = pikeun; B.I:untuk menjadi
pinarinan = dipaparin, diberi
piwejang = B.I:petuah, pengajaran
polah = tingkah laku, perilaku
pupunden ati =B.I:buah hati sibiran tulang
R
rehing = pedah, dumeh; B.I:sebab
rijki = rejeki
rumpaka = B.I: lirik
S
sagara = laut
sangkan = supaya
sarakan = lemah cai; B.I:tanah air, kampung
halaman
sauyunan = babarengan,satujuan
singkil =B.I:siap sedia
sumirat = B.I:bersinar
susukan = B.I: sungai kecil
suwung = leungit, beak; B.I:hilang, habis,kosong
6
T
tanpa tepi = teu aya sisina; B.I:tidak berpantai
tanpa tutugan = teu aya tungtungna; B.I:tak
berpangkal
tatar Sunda = tanah Sunda
tatarucingan = B.I:teka-teki
tepiswiring = padesaan
tur = jeung, dan, serta
turta = jeung, bari, serta padahal
W
waluya = salamet, selamat sejahtera
wangsalna = asalna; B.I asal kata
wawangsalan = B.I:bentuk puisi yang khas
wening = B.I:bening
Wulang Krama = pangajaran tatakrama.
Ngaran judul buku pangajaran tatakrama pikeun SD di Jawa Barat; karangan Drs. R. Hidayat Suryalaga. Penerbit Geger Sunten. Bandung. 1997; 1998.
---------------------------
Tidak ada komentar:
Posting Komentar