Dengan Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Atas Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Minggu, 20 November 2011

Gila, karena belajar Ilmu "kebatinan" tanpa mempelajari Ilmu Syariat..

dia,. sebut saja XX sudah cukup lama mempelajari sejarah kesundaan yang terkait dengan sejarah Karuhun Panjalu-Kab. Ciamis,. menurut pandangan XX, bahya islam di Indoensia ini berawal dari daerah tersebut (panjalu) dan sebagai pewaris pusaka "karuhun panjalu" XX menyatakan bahwa pusaka yang berbentuk TUMBAK tersebut mengandung karamah karena karuhun tersebut salah seorang wali yang menyebarkan agama islam di Indonesia,. cerita tambah cerita, kebohongan dan kebohongan pun semakin bertambah, akhirnya saya pun tersudut dengan "keyakinan" XX yang tidak mau terbantah,.
Peristiwa ini terjadi siang tadi 20/11/2011,.
- Setelah mempelajari sejarah dan hal mistik yang menjadi bumbu, maka XX diluar kesadarannya sedidkit hilang ingatan/sedikit gila,.
- XX tidak mengakui Ibu-Bapa nya yang asli sebagai orang tua yang menjadi sebab lahirnya dia ke alam dunia
- Mencurigai setiap perkataan dan perbuatan saudara sekandung seolah-olah akan menjerumuskan dan mencelakakan dia,
- XX tidak mau mengangkat Guru atau menjadi murid, tapi ingin belajar dari siapapun

Hipotesa Awal
- Karena himpitan ekonomi, XX lebih memilih jalan mistik sebagai pelarian dari keputus asaan dalam mencari nafkah
- Mempelajari sejarah tanpa didukung oleh data (dokumen, penerangan para ahli sejarah dan data-data) sedikit/banyak mengganggu memori/pikiran (gak tau bagian otak mana yang terganggu), yang saya alami mempelajari sejarah membuat urat syaraf diotak cukup tegang bahkan memerlukan waktu yang lama untuk me-relax-kan urat - urat yang ada diotak, Mungkin kondisi XX waktu mempelajari sejarah dalam kondisi jasmani lemah, akhirnya terganggu urat syaraf nya.
- XX beranggapan bahwa Ibu-Bapa yang asli adalah orang lain yang akan menjerumuskannya, akhirnya  imajinasi berkembang sehingga membayangankan mempunyai orang tua yang sakti dan mempunyai ilmu tinggi yang berbau mistis. Alhasil dalam mimpinya XX bertemu dengan orangtua yang mengaku sebagai Ibu-Bapa kandung perwujudan dari wali / karuhun nya.
- Kurangnya pengetahuan agama XX yang dalam hal ini syariat, akhirnya mengecilkan hakikat akan rukun iman dan rukun islam (naudzubillahimindzalik),.

Ya Allah Yang Maha Gagah, Yang Maha Luas IlmuNya,. Bukakan hati hamba, hati saudara-saudara hamba dalam menerima Ilmu Mu,. dan Kuatkan lah Kami dalam menjalankan syariat-nya,. Amin Ya Allah Ya Rabbal Alamin

Jumat, 28 Oktober 2011

do'a di waris putra/i nu Soleh/ah,.

Ya Allah Ya Rahman Ya Rahiim,
Ya Allah Nu pangsae sae na miwaris

Karuniakeun ti sisi Anjeun Putra putri
Nu Saleh Salehah
Nu Salalawasna ngadegkeun Shalat
Pangmingpin jalmi nu taraqwa
Nu Luas Elmu sareng Rejekina
Nu sae Budi Pekertina, Tutur Bahasana
Nu sehat Jasad, Lahir, Batin sareng Ruhani na
Nu Babakti ka Ibu Rama na, ka sepuhna, ka kulawargana, ka masyarakat, nagara sareng agamana,. Amin

Ya Allah Ya Robbal alamiin,. 28 Oktober 2011

Senin, 17 Oktober 2011

BULAN SAPOTONG Evi Tamala

BULAN SAPOTONG
Evi Tamala
Asa garariung ngadangu jangjina
Anu araramis dina lambey
Asa bararosen ngahampura manehna
Nu resepna ngulang kasalahan
Dimana aya endahna
Dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna hate taya lirenna
reff :
Bulan sapotong hiapkeun abdi hiapkeun
Buledkeun hate lepas ti manehna
Bulan sapotong datangkeun atuh datangkeun
Gaganti cinta anu langkung sagalana
Kembang cinta nu layu teu ngarep sirungan deui
Teu nyesa maruragan kabawa angin
Tali cinta nu putus teu ngarep rek nyambung deui
Hate tos cape nyabarana
Dina hate abdi meni bersih tinamina
Kabawa palid ku ci panon

Senin, 12 Juli 2010

Bagian dari Manusia

Jasad, Lahir, Batin, Ruhani
Manusia adalah makhluk paling sempurna, apabila teliti diri kita maka dapat kita bagi menjadi 4 bagian yaitu : Jasad, Lahir, Batin, Ruhani.
Perbedaan bagian ini dapat kita “rasakan” melalui perasaan dari masing-masing bagian.
A. Rasa Jasad.
Apabila gatal, nyeri otot, luka karena sayat itu bagian dari rasa jasad.

B. Rasa Lahir
Melihat keindahan, cantik, tampan, bagus atau jelek itu dapat dikategorikan sebagai rasa lahir.

C. Rasa Batin
Perasaan ini ketika kita merasakan kebahagiaan, kesedihan atau bagi yang sudah menikah rasa seperti ini dapat dengan mudah dirasakan ketika saling memberikan nafkah batin antara pasangan suami instri.

D. Rasa Ruhani
Rasa Ruhani ini untuk sementara tidak saya tulisk dalam bagian ini.

Untuk apa gunanya kita mengetahui bagian dari kita ini?.

Minggu, 11 Juli 2010

DUA SAATI

DUA SAATI
Nano S-Nining Meida

Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita aduh manisna
Waktu kuring wawuh aduh dag dig dug
Hate ngan keur manehna aduh can puguh
Babarengan sauyunan silih asih saati miheman
Paheut jangji moal pukah deui
Unggal saptu sore dating ka manehna

Waktu kuring panggih jeung manehna
Resmi ngajak tunangan paheut micinta
Ungkul rangkul tresna pikeun jawabna
Kuring reujeung manehna dua saati
Babarengan sauyunan silih asih saasih miheman
Saptu sore sok tagiwur hate
Ngarep ngarep dating tandaning satia

Waktu kedal ucap jeung manehna
Kebek ku rasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
Kuring nampa cintana heunteu nyalahan

Kamis, 17 Juni 2010

BENTANG KAMELANG (Kang Ibing / Aang Kusmayatna)

BENTANG KAMELANG (MIMITRAN DAMAS)

(L)
Eulis mun akang datang ka damas hate liwung mapay tapak gandrung,
Carita anu geus lawas teu daek laas, duuuuh.....

(P)
Engkang mun datang mangsa mimitran hate peurih mapay tapak asih
Carita urang duwaan angger nembongan, duuuuh....

(L)
Sihoreng duriat angger natrat ngagurat, duh asih nu wening anteng nganteng langgeng…

(P)
Sihoreng kanyaah angger nganteng teu pisah, duh asih nu urang langgeng pageuh deudeuh....

(NL)
Damas téh leuwi asih, tempat kuring teuteuleuman icikibung ngojayan mangsa rumaja. damas téh taman katresnan tempat kuring nebarken bibit asih ngadagoan mangkakna kembang harepan. Damas téh tali kacapi ati nu ngantengkeun rasa kaheman, kanyaah awaking ka saarakan asih uring ka manehna. Di damas lagu hirup papasangan, mipit ceurik mun ti peuting mulas beurang ku kawaas, suka jeung duka silih baganti ngeusian ringkang haleuang, pan di damas eulis urang beber layar tarik jangkar ngambah endahna sagara cinta munggaran, dipepende kuhiliwir angin tingtrim bari sakapeung kudu ngayonan mapag lambak...Eulis, urang kotretkeun ringkang nu kaalaman urang tuliskeun kawaas lawas nu teu laas-laas, nusok ngalangkang nembongan dina lamunan nu sok nganjang ngaringkang dina ciptaan, marengan datangna mangsa mimitran. salempay kawaas nyampai di damas bulan ngempray di langit kamelang. Lalakon urang carita urang lalakon urang duaan.

(NP)
Calon anggota damas bade lebet ka rohangan ka akang miwah ceuceu dihaturanan ngadeg.

(P)
Haturan-haturan…(duh haturan duh haturan)
Hatur mah haturan wilujeng sumping …(haturan wilujeng sumping) 2X
Sumping damping di damas…(duh sumping damping di damas)
Sosonoan gogonjakan …(sosonoan gogonjakan)
Sumping damping di damas…(duh sumping damping di damas)
Sosonoan jeung gogonjakan 2X

(L)
Eulis mangsa bubuka mimitran urang tepang nu munggaran, basa salira saparakanca lebet karohangan dipapag tembang rampak pangbagea ceuceu akang, sajorelat ieu teuteup nyampai dina raray, raray salira. Sanajan baranang bentang wengi eta, panyawang labas teu kapalingan da puguh bulan mah nenggang. Harita geulis, rema sukma bet asa kerep ngageter lagu liwung ngaguruh dina jajantung hawar-hawar ngagalindendeng jeroning angen, rambut salira nu panjang diuntun imut nungtun liwung gandrung basa urang tepang raray numunggaran…

(P)
Tepang raray numunggaran, imut nungtun liwung gandrung
Wening asih ngahariring ingkeun teundeun sampeur tineung

(L)
Basa tepang numunggaran, urang guntreng sakedapan
Aya galindeng nu nganteng, harewos jeroning batin…

(P)
Heh angin peuting nu tingtrim, anu ngarti garis surti
Tepikeun getering batin endahna puisi ati…

(L)
Apan tepang téh munggaran, biheung urang tepung deui
Dareuda galindeng rasa, ingkeun teundeun sampeur tineung.

(NL)
Poe panjang mangsa mimitran, bibit asih nu ditebar timangsa tepang munggaran teu karasa eulis sihoreng renung sirungan, haleuang tembang tibeurang marengan melang hariwang hariring kawih tipeuting mirig kainggis nu teu daek lantis. Kasieun cau ambon dikorangan saliara kapipir pipir, palangsiang ambon sorangan salira mah teu mikir-mikir. Dina mangsa diri nyorangan nyanghunjar lambar lamunan diumbar, dina peuting anu simpe asa kucape mepende hate. Lamunan dipungkas ku renghap nafas, bari nyalahkeun diri sorangan naha bet ludeung melakkeun tineung. Duh kembang kamelang, kembang munggaran nu ligar hegar na mumunggang pangharepan. Duh kalbu nu dirungrum gandrung na kasaha diri téh kudu balaka…

(P)
Nakasaha kudu balaka, nembrakeun tungkusan kalbu
Nakumaha kudu nyarita, nyampaikeun rasa katresna

(L)
Nakasaha kudu balaka, nyangreudkeun tatali asih
Nakumaha kudu nyarita, maheutkeun rasa katresna

(P)
Sakapeung sok nanya diri na kunaon hate bet gandrung
Mitineung kanu saurang, linglung gandrung ngalanglayung..

(LP)
Kacapi nu jadi saksi, nyaksian lalakon diri
Rumpakana natrat nyarita tandaning kuring micinta

(NL)
Eulis basa salira munjungan dina mangsa wawanohan, galindeng soanten asa kapireng, “akang nepangkeun abdi”, duh soca nucureuleuk ngolebat dina lolongkrang kiceup salira tungkul nyumputkeun imut. Lambey ngawed mipit asih sajorelat kiceup ngampih, salira mah moal terang antara harepan jeung hariwang sok inggis asih nogencang hate dipuntangan bimbang.

(L)
Eulis akang téh bingbang, lami basa mimitran
Geulis duh buah hate iraha akang ka bumi
Eulis akang ngantosan nganti naon putusan
Geulis duh kembang soca piraku nu geulis tega
Kapan urang sasarengan melakkeun tangkal harepan
Tepang téh teu acan lami piraku paturay deui..

(NL)
Sakapeung akang sok hayang tumanya kanu keur kabeulit ku asih, “naha naon ari cinta?” Nudatangna tara bebeja lamun indit tara pamit. Dageuning sakapeung sok malik nanyakeun mun duriat dihalang-halang naon nu jadi alesan naon nu jadi lantaran..

(P)
Naon nujadi alesan, naon nujadi lantaran
Naon anu jadi ukuran, duriat dihalang-halang..

(L)
Naha urang bet patepang, naha asih bet sirungan
Boa hate téh longkewang, duriat mah ukur impian

(P)
Nulepatmah boa tepang salah mangsa
Bibit asih biheung deui manjing wanci

(L)
Salira mah balebat ti beulah wetan
Pamohalan mun kudu tepung jeung layung

(P)
Saha nurek disalahkeun, saha anu rek bongankeun

(L)
Saha anu rek nulungan, nusalahmah bongan sorangan…

(NL)
Beurang kaselang ku peuting wawanohan beuki sering. Beuki sering beuki ngait, beuki lami beuki meulit. Ah kitu soteh saakangeun da eulis mah terang ge biheung…eulis da bongan geuning cek tadi suka djeung duka mah silih baganti, aya mangsa suka kaselang kuduka aya wanci seuri kasilih kusedih, emut keneh basa salira sumping kasiangan dipapag sentak pananata calagara diseukseukan bebeakan…
“Senawati kunaon maneh kabeurangan, jawab !!! tong loba alesan. Cek akang ge lamun geus teu sanggup milu mimitran leuwih hade kaluar. Samaruk maneh datang ka damas téh rek di ogo?. Pedah maneh ngarasa geulis?.montong ceurik !!!”
Harita salira pasrah taya daya, rek dihideung rek dibodas ceuceu akang numasini.

(P)
Diimah kuring nu indung pujaan bapa pinasti, deuh.
Da bongan lampah kaula tekad rek sumerah diri
Rek dihideung rek dibodas ceuceu akang nu masini, deuh.
Rumasa kuring mah dusun taya basa tuna harti, deuh.
Di damas estuning nyemah nganti asih ti pribumi
Tekad diri rek sumerah teu maksad ngabibisaning



BENTANG KAMELANG, Bagian Kadua (SISI B)

(NL)
Panginten dina manah salira harita, “teungteuingeun bet cicingeun padahal akang téh aya naha ka abdi teu bumela”. Geulis mugi masing surti, kapan salira nuju diuji. Kapeurih sing jadi peurah ulah pundung kusakitu, ngan basa salira ngareret naha ieu hate bet nyeredet, cisoca eulis nu ngeclak ipis lalaunan mapay damis. Ciibun nyalangkrung da langit keur mendung halimun katineung ngarangkul langit haleungheum.

(L)
Halimun nyalangkrung, da langit keur mendung
Duuh, panutan ati geulis teuing katumbiri

(P)
Halimun katineung na langit keur ceudeum
Duuh, panutan rasa lebar temen tuh cisoca.
Cisoca numaseuhan damis, kadeudeuh geuning beuki pageuh

(L)
Salira ngeclakeun cisoca, hate akang samagaha
(NL)
Ngarenda lamunan nganyam implengan, teu karasa jog anjog ka mangsa urang ngabungbang…

(P)
Ngabungbang urang ngabungbang, ngabungbang ngumbar kamelang
Dilangit bulan nyaangan bentang nu sedih ngiceupan.
Ngabungbang urang ngabungbang, dilangit bulan impian
Nahate asih ngusapan diaping bentang kaheman

(LP)
Aaah, ngabungbang… 4X

(NL)
Urang ngabungbang sawengi jeput, neuteup bulan nu teu weleh imut. Peuting ieu langit bengras langit damas, bentang baranang dilangit sarakan urang. Urang ngabungbang nungguan beurang harepan

(LP)
Bray geura beurang, bray geura caang,
Bat pek ngolebat balebat sing kebat liwat 2X

(P)
Kahayang téh pajar geura ngalangkang
Pek balebat pek ngolebat kebat liwat
Mawa beja jeung harepan, emh …duh pajar geura bray beurang
Jol geura beurang alam bray geura caang
Bat pek ngolebat balebat geura ngolebat

(NL)
Mangsa bulan nyusup ditundung ku indung suku ngabungbang lekasan mapag balebat Beulah wetan, wanci carangcang tihang salira saparakanca kedah santika ngiring lumpat bari diaping kujagabaya, akang mah pangtukangna henteu tebih ti salira, urang lumpat nanjak mudun ditungtun ku angin gunung, lebah mumunggang, basa nu sanes nanjak mudun salira mah geuining kakantun ngahunjar dina amparan jukut datar. Kunaon senawati? Cek akang bari nyampeurkeun, ieu sampean tijalikeuh kang waler salira. Akang ngasongkeun leungeun salira cengkat bari muntang, geus tong lumpat mending ge leumpang, cek akang, salira teu mumpang bari angger nyepengan panangan, mapah gigireun akang. Harita geulis kawani sumping teuing timendi nekad datang teuing timana, mangsa urang leumpang ngarendeng duaan akang ngedalkeun angen-angen nu geus lawas disidem wakca ka salira balaka yen neundeun tineung nyimpen kadeudeuh manawi suwung mangandeuh. Harita geulis najan salira teu ngawaler ku kedal lisan, diri yakin yen asih téh teu nogencang. Rema salira karaos pageuh na mangsa pakeupeul leungen. Basa pareng lengkah ngarandeg urang nyelang ngundeur deudeuh amprok teuteup, raray salira tanggah sumerah. Sakedapan teuteup geugeut beuki deukeut, les ngiles lelembutan kumalayang acining batin gumulung ngumbar kaheman, sakuriling sepi jempling simpe kaheumpikan dangding. dina regang tangkal kihujan cangkurileung enteup ngagareuwahkeun salira nyiwit bari ngaharewos halon “ah akang mah bangor”, harita akang nembe emut najan rineh pan salira téh calon keneh. Cangkurileung ngageleber hiber kalandeuhkeun, cek dina hate akan harita, jung manuk geura hiber mawa beja, bejakeun ka sarerea senawati pupujaning ati pigedengeun prameswari jaga pun aing jadi alumni. Bejakeun, bentang nu peuting tadi ngiceupan kiwari ngancik na ati bentang mimitran ayeuna aing nu boga….

(L)
Eulis, kembang impian….kembang di taman akang
Eulis, kembang kamelang….kembang na hate akang

(P)
Akang, bentang impian….bentang dilangit abdi
Akang, bentang harepan….bentang na hate abdi

(L)
Deudeuh eulis salira kagungan saha, titip asih dina hate anu wening

(P)
Dededuh engkang salira panutan rasa, nitip asih dina ati anu wening.

(NL)
Dirungrum diayun gandrung ditimang melang hariwang, kembang asih beuki ligar disiram cai katresnan ati, rema mangsa nuntun waktu manjangan mangsa mimitran kahayang mah teras tepang, sungkan pisah najan salengkah. Tapi dalah dikumaha keur geugeut nganteur katineung jol beja digupay tugas akang kudu miang ti subang, teu bisa mungpang najan dibarengan ku longkewang kapaksa kedah ngantunkeun mimitran. Teu lami eulis ukur sawengi tapi abong keur dibeulit asih sawengi téh asa sawarsi, hate kumejot dibetot kasono,
Basa akang ninggalkeun subang, langit hurung dipulas layung lebah ciater hate gumeter, pileuleuyan langit subang…

(P)
Pileuleuyan langit, langit subang
Layung ngajurung ka bandung, najan sono najan melang
Wayahna da bandung geus ngagupayan

(L)
Pileuleuyan geulis, kota subang
Ayeuna awaking mulang, najan deukeut deudeuh geugeut
Wayahna da bandung geus ngadagoan

(P/L)
Dilangit subang layung keur mayung basa awaking mulang ka bandung
Teuteup kadeudeuh ngundeur katineung gupay jeung imut nu ngajajapkeun. 2X

(NL)
Datang ka bandung dipapag beja, cenah salira kenging nugraha dileler janten diah permata pitaloka. Kasono waktos paamprok beuki pageuh dianteur kareueus, ratu galuh nukapungkur purbasari nu bihari pan ayeuna salira buktosna, ratu ayu bentang mimitran ratu kalbu diri akang.
Asa cikeneh urang tepang teu karaos geulis mimitran manjing lekasan mun panon poe geus lingsir ninggalkeun tapak kaliwat mulas katineung na hate nu lawas nerap ngagurat.

(P)
Mun panon poe geus lingsir, ninggalkeun tapak kaliwat
Mulas katineung na hate, isukan moal tandang, da mimitran geus lekasan
Nyukup waktu dua minggu duh nyumponan papagon damas.

(L)
Tipeuting sok teu geunah teuing, tibeurang pinuh kawaas
Sedih lucu geus kalakon, ngareka minuhan rasa
Nu langgeng nerap ngagurat ngeusian tulisan hirup duh…..
Na lampah mimitran damas.

(NL)
Basa mimitran lekasan geulis urang tepang na wengian pangistrenan, kabaya pulas bulao langit nu dianggo kusalira, kasmaran teu daek leungit na rasa akang harita. Maling teuteup bulan tumanggay nu tingtrim na damis eulis, duh. Geulis teuing pupujaning ati. Basa ramo urang patarema akang ngedalkeun ucap pangbagea, “wilujeng sumping di damas”. Bari hate mah cumarita urang sareng geulis ngundeur tineung. Harita salira imut ratug jajantung kapentang jamparing asih. Degung ngungkung luhur panggung wirahma hegar mapag salira, dina lolongkrang haleuang tembang hate urang nyarita sewang-sewangan, mimitran nu geus lekasan urang sambung ku lalakon cinta urang…

(LP)
Kleung angkleung sagara ombak-ombakan
Keueung nineung sangsara ge babarengan
Kleung angkleung sagara ombak-ombakan
Teneung ludeung sangsara ge babarengan (diulang*)

(NL)
Cag, teundeun di handeuleum hieum tunda dihanjuang siang ingkeun teundeun sampeur tineung palias rek ka tampian. (*)

Pamungkas bisi aya nukasebit najan teu kasebat mugi agung cukup lumur mugia jembar pangampura. Ieu carita rekaan biheung jeng boa, najan boa deukeut kana enya. Bentang ngiceupan dilangit kamelang, bulan ngempray di langit mimitran, salempay kawaas nyampai di damas.

Senin, 05 April 2010

ANJING dan Kebudayaan. Tips & Trik untuk menghilangkan kebiasaan mengucapkan "Anjing".

dimana KEBUN BINATANG paling LUAS???
Jawabannya berupa kalimat tanda tanya yaitu Binatang apa yang PALING BANYAK di SUNDA???
Ya dia adalah ANJING,.
karena "Anjing" bisa dijumpai disemua wilayah di daerah SUNDA,
di sekolah SD sampai Unipersitas,.
di jalan gede, gang sempit bahkan sampai jalan buntu,
di mall sampai diwarung kios,
dikantor pemerintahan sampai kantor RT,
di ORMAS, LSM, maap bahkan di Organisasi berbasiskan AGAMA!!!!,. Amaging!!!
terminal mah puguh deui banyak sekali Anjing ini ditemukan.
tapi tunggu!!!!,
"anjing" ini bukan berbentuk satwa/binatang/makhluk tapi "anjing" ini merupakan sebuah KATA,. bahkan jadi padanan KATA dalam kalimat sehari-hari untuk meghiasi kalimat pembicaraan yang teu puguh EYD na.
Pernah ada diskusi di salah satu HIMA UNPAS untuk membahas dari mana KATA ANJING ini berasal, semua pendapat pun bermunculan,.bahkan ada yang menyebutkan bahwa kata ini berasal dari WNI keturunan???? (duka leres teu na mah), teori,konsep dan analisa pun bergulir dari semua audiens (mungkin penyelenggara ingin menghilangkan kata ini (edit=anjing) disemua sektor/lini kehidupan yang ada di Bandung),tapi apa daya tangan tak sampai,. kata ini masih berkeliaran dan “mengonggong” dari mulut-mulut urang SUNDA!!!

Sebagai salah satu "mantan konsumen" kata ini , saya masih belum mendapat jawabannya dari mana kata ini menjadi salah satu "KEKAYAAN BUDAYA URANG SUNDA" berasal??.,.(mungkin bukan tugas sayah untuk mencari tahu tentang sejarah kata ini hadir DITENGAH-TENGAH MASYARAKAT yang sedang dilanda krisis degradasi moral, karena tentunya bukan KAPASITAS sayah, biarkan sajah para SEJARAH wan/wati,para BUDAYAwan/wati, para ARKEOLOG wan/wati yang harus mencari situs/monument/artefak atau berupa Surat Keputusan/Memo/PerDa atau legalitas hukum lainnya, supaya diketahui kapan diresmikan kata ini oleh Pejabat yang sedang "manggung" dahulu dan sayah kira kemungkinan lebih cocok POLITIKUS yang harus mencari jawabannya agar dapat dijadikan senjata PULITIK untuk menyerang lawan-lawannya. biarkan sajah lah,.,.,.
(oh ya mohon maap tulisan ini berjudul ANJING dan KEBUDAYAAN, biar menarik perhatian dan dibaca untuk dihayati dan direnungkan,. Meureun!)
BTW,. ada pepatah yang menyebutkan bahwa :
satu. Selamatnya manusia tergantung menjaga ucapannya.
dua. Orang orang besar terbentuk dari kata-kata nya.
tiga. Setiap ucapan adalah do'a.
empat. dalam buku The True Power Of Water atau Delapan Mata Air Kecemerlangan (anis matta). bahwa sel-sel, enzim, atau cairan dalam tubuh kita akan mengikuti setiap ucapan/kata-kata yang keluar dari mulut kita (karena 70-80 % tubuh kita terdiri dari cairan). Pabila ucapan kita baik maka air ini akan membentuk struktur yang bagus, begitupun sebaliknya apabila ucapan kita buruk maka begitu pulalah struktur air yang ada dalam tubuh kita. Jadi bagaimana kalo kita berbicara ANJING???pikilan we olangan,.
Lima. Ketika kaum yahudi membesarkan anak-anak yang masih dalam kandungan sampai umur 10 tahun dengan memperdengarkan music aliran Mozart,Bethoven dengan maksud kerangka otak anak dapat tumbuh dengan baik,., ketika murid-murid di pesantren membesarkan anak-anak dengan menghafal Al-Qur’an agar memiliki akhlak yang baik,. Tapi sangat luar biasa fenomena di tanah sunda ini!anak-anak dibesarkan dan diperdengarkan bahkan hidup dalam budaya sehingga menjadi konsumen “kata binatang ini”. Kalou kata Ahmad Dani mah “jaya lah negeri ini”! (tentunya dengan kalimat sindiran,).
(tos ah teori mung gaduh sakitu).
Dengan teori/pepatah diatas,tentunya kita akan sangat berhati-hati dengan setiap ucapan yang kita keluarkan,.eh maap bukan kita tapi sayah akan sangat berhati-hati (mudah-mudahan kuat menjaga lisan) ini.. dan pesan sayah jangan matikan potensi anak bangsa dengan segala kritik yang tidak membangun,.(teu nyambung yeuh),.
so What You Thinking About That,. bROwww,.

tips & trik untuk mengubah kebiasaan mengucapkan "Anjing".
1. Yakini dalam hati dan fikiran kita bahwa kata ini hanya ke sia-sia an belaka atau lebih baik yakini bahwa kata ini merupakan sebuah pengkafiran (kufur ucapan).
2. Ganti kata Anjing ini menjadi "Anjir atau Anjiw", ini yang saya lakukan sebelum berhenti total (Alhamdulillah) sama sekali tidak pernah mengatakan kata ini dalam setiap perkataan,. terinspirasi dari seorang Senior di DAMAS (Daya Mahasiswa Sunda), kang Soma atau Kang Kopral, dia berbicara ANJIW", tentunya Anjiw tidak mengandung makna yang kotor,.
3. Mulai beristigfar di dalam hati apabila kita mengatakan kata ini atau mendengar orang lain mengatakan kata ini.
4. Mulai mengingatkan teman, rekan, saudara & keluarga untuk tidak mengatakan kalimat ini.

Semoga diri ini terhindar dari ucapan yang tidak bermanfaat. Amin Ya ALLAH,.