DUA SAATI
Nano S-Nining Meida
Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita aduh manisna
Waktu kuring wawuh aduh dag dig dug
Hate ngan keur manehna aduh can puguh
Babarengan sauyunan silih asih saati miheman
Paheut jangji moal pukah deui
Unggal saptu sore dating ka manehna
Waktu kuring panggih jeung manehna
Resmi ngajak tunangan paheut micinta
Ungkul rangkul tresna pikeun jawabna
Kuring reujeung manehna dua saati
Babarengan sauyunan silih asih saasih miheman
Saptu sore sok tagiwur hate
Ngarep ngarep dating tandaning satia
Waktu kedal ucap jeung manehna
Kebek ku rasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
Kuring nampa cintana heunteu nyalahan
hade lagu na..
BalasHapusinget baheula.. hehehe
assalamualaikum,,
BalasHapuspunten kang darmawan abdi bade naros. kok lirikna benten nya sareng lagu nu abdi donlot. sok tingali geura
L : Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita aduh manisna
Waktu kuring wawuh aduh bagjana
Hate ngan keur manehna aduh endahna
Babarengan sauyunan silih asih saati miheman
Paheut jangji moal pukah deui
Unggal sabtu sore datang ka manehna
L : Waktu kuring wakca ka manehna
Resmi ngajak tunangan paheut micinta
Ungkul rangkul tresna pikeun jawabna
Kuring reujeung manehna hiji saati
P: Waktu kuring panggih jeung manehna
Hate leutik nyarita naon maksudna
waktu kuring wauh aduh dag dig dug
Naha enya miasih atuh can puguh
P: Babarengan sauyunan silih asih saasih saati ngahiji
Sabtu sore sok tagiwur hate
Ngarep ngarep datang tanda ning satia
P: Waktu kedal ucap jeung manehna
Kebek ku rasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
Kuring nampa cintana heunteu nyalahan
Kuring nampa cintana heunteu nyalahan…..
>waalaikumsalam,. hapuntena Lur,. abdi teh nyerat lirik eta tina "wayang bobodoran" dalang na Asep Sunarya + Ijem,. kumargi searching lagu+lirik kasebat teh teu kenging wae,. alhamdulillah aya koreksi-an ti salira,. hatur nuhun pisan Lur,.
BalasHapus