Dengan Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Atas Nama Allah Yang Maha Pengasih dan Penyayang

Rabu, 17 Februari 2010

SAJARAH SINGGET PASANGGIRI TEMBANG SUNDA (PTS) DAMAS

SAJARAH SINGGET PASANGGIRI TEMBANG SUNDA (PTS) DAMAS.


Pasanggiri Tembang Sunda Daya mahasiswa Sunda, munggaran diayakeun ku DAMAS taun 1962. Pasanggiri ieu minangka neruskeun pasanggiri-pasanggiri anu kungsi dilaksanakeun ku Paguyuban Nonoman Sunda. Pasanggiri Tembang Sunda ti taun ka taun miboga sasaran anu béda-béda luyu jeung kamekaran katut targét anu baris dihontal. Usaha-usaha pikeun ngaronjatkeun sistim pasanggiri henteu weléh dilaksanakeun, hal ieu dumasar kana hasil-hasil évaluasi pasanggiri anu saméméhna. Dina Pasanggiri anu ka-2 jeung anu ka-3 taun 1964 jeung taun 1966, sasaran pasanggiri jauh leuwih neueul kana kuantitasna luyu jeung tujuan waktu harita nyaéta leuwih ngawanohkeun sarta pikeun ngamasarakatkeun tembang sunda sangkan leuwih nyebar di masarakat, utamana di entragan generasi ngora. Dumasar kana hal éta, pasanggiri ieu henteu ngan saukur pikeun umum tapi ogé pikeun tingkat SD, SLTP, SLTA jeung Paguron Luhur.
Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran ka- 4 nyaéta taun 1969. Sasaranana leuwih ditingkatkeun kana segi kualitasna, Tembang-tembang anu dipasanggirikeun ngawéngku tilu laras (Pélog, Saléndro, jeung Sorog). Munggaran tembang-tembang laras Saléndro diasupkeun. Ti saprak harita tembang laras Saléndro nyebar deui di masarakat. Pasanggiri Tembang Sunda diayakeun ku Daya Mahasiswa Sunda (DAMAS) dina taun 1972, 1976, 1978, 1980, 1984, 1988, 1990, 1992, 1996, 1999, 2001, 2003 mangrupa Pasanggiri V, VI, VII, VIII, IX, X, XI, XII, XIII, XIV, XV, XVI jeung XVII.
Pasanggiri Tembang Sunda XI taun 1988, mangrupa munggaran diayakeun di luar kota Bandung, gawé bareng DAMAS jeung PEMDA Tk. II Kabupatén Cianjur, taun 1990 di Kabupatén Garut. Dina taun 1993 balik deui diayakeun di Bandung nepi taun 2001. Dina taun 2003 Pasanggiri diayakeun di Kabupatén Purwakarta gawé bareng jeung Pemerintah Kabupatén Purwakarta, jeung Pasanggiri Tembang Sunda XVIII taun 2006 gawé bareng Pemerintah Kabupatén Garut.
Dina pasanggiri taun 1999, kanggo anu munggaran Laras Mandalungan, kalawan sipatna ngawanohkeun wungkul, tapi dipiharep kalawan ku ayana laras Mandalungan dina pasanggiri ieu bisa leuwih dipikawanoh di dunya Tembang Sunda anu bisa leuwih ngamotivasi para kréator lagu/sastrawan Sunda. Dumasar kana hasil évaluasi tiap palaksanaan saméméhna, DAMAS ngarasa perlu neruskeun jeung ngamekarkeun, boh numutkeun sistem pasanggiri ogé sasaranana. Katiténan tina sistim kajuaraan, di sagédéngeun Kajuaraan Umum ogé diayakeun kajuaraan kelompok Wanda. Lagu-lagu anu dipasanggirikeun leuwih dilobaan nyangkem jumlahna, kalawan harepan para patandang bakal leuwih loba nguasaan perbendaharaan lagu tina saban laras, ogé tina rumpaka, di sagédéngeun rumpaka asli anu enggeus sumebar di masarakat. Nepi ka kiwari rumpaka-rumpaka anyar hasil Pasanggiri Tembang Sunda DAMAS geus jadi banda masarakat.
Pikeun neruskeun jeung ngamekarkeun idé anu kacida hadéna ieu, DAMAS ngayakeun deui Pasanggiri Tembang Sunda XIX taun 2009 gawé bareng jeung Universitas Padjadjaran (UNPAD) kalayan di rojong ku Bank Jabar jeung Pemerintah kota Bandung, kalawan sasaran leuwih ningkatkeun kualitas jeung kuantitas panembang. Mugia ku diayakeun Pasanggiri Tembang Sunda taun ieu baris leuwih ngahangkeutkeun kasadar masarakat umumna jeung entragan generasi ngora hususna, kana mangpaat pasanggiri. Amien

Tidak ada komentar:

Posting Komentar